TUGAS BAHASA SUNDA
Nama : Muhamad Rafli Permadi
Kelas : VII – D
No.Absen : 18
Guru : Ibu Elli Cholisoh
TUGAS : Mencari macam macam dongeng dalam bahasa sunda dan contohnya.
PENGERTIAN DONGENG
Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran).[1] Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula.[1] Ilaharna dongéng téh pikeun barudak.[2] Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna.[1] Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma.[1]
Wangenan
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula.[2] Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina [3]. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.[4] Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.[5] Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.[5] Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
Unsur-unsur pawangun dongeng
Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.[16]
Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.[16] Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.[16]
Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.[16]
Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.[16]
Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.[16] Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.[16]
Ciri-ciri dongeng
Caritana pondok,[13] lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.[17]
Aya bagian anu pamohalan.[13]
Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.[13]
Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.[13]
Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem.[13]Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.[17]
Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.[13]
Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.[13]
Pola ngadongéng sok angger [18]
Papasingan dongeng
Dongéng sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa.[6] Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.[7] Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola.[8] Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana.[8]
Dongéng babad (Sagé
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna.[9] Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.[6]
Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)[
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan.[10] Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
Dongéng mité
Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat.[11] Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.[8] Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot.[12] Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté.[12] Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah..[13] Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté.[13] Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.[8]
Dongéng sasakala (Légénda)[édit " édit sumber]
Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara.
Contoh Dongeng
FABEL
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. "Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem."
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
"Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?" Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: "Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!"
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. "Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?" cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: "Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona."
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong
SAGE
CIUNG WANARA
Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
PARABEL
SI KABAYAN NGALA NANGKA
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. "Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!" Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
"Wah, moal kaduga yeuh mawana, " pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!" ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
"Kabayan, meunang ngala nangka téh?"
"Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot," témbal Si Kabayan.
"Mana atuh ayeuna nangkana?" Mitohana nanya.
"Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
"Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!" Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
"Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik," ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
MITE
NYI RORO KIDUL
Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti praméswari kagungan putra istri, jenenganana Déwi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk ka awun-awun, kawéntar ka janapria, malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé, lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.
Déwi Srangéngé kacida pisan dienodna, dipikanyaah ku ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu weléh neneda, neneda ka Hyang Déwata katut batara-batari, sangkan anjeunna kagungan putra pemeget. Nanging anu diantos-antos téh, ti praméswari Raja teu kagungan putra deui.
Teu kantos lami ti harita, Kangjeng Raja kagungan deui putra. Sanés ti praméswari, nanging ti selir, anu jenenganana Déwi Mutiara. Putrana pameget luyu sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna. Sami sareng ka Déwi Srangéngé, ka putra ti Déwi Mutiara ogé, kalangkung-langkung nyaahna.
Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja, ku jalan kagungan putra pameget téa, nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir, linggihna angger baé di gédéngeun karaton, henteu di lebet karaton sapertos praméswari. Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema, timbul baé rasa ceuceub ka praméswari, dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.
Malah aya leuwihna ti kitu, manéhna boga kahayang, sangkan anakna jadi raja. Lamun seug anakna jadi raja téh, tangtu kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna. Sahenteuna atuh jadi indungna raja, disarebutna ogé tangtu Ibu Suri.
Déwi Mutiara terus mikiran. Sanajan anakna lalaki, salila di karaton masih aya kénéh Déwi Srangéngé jeung praméswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?
Kabeneran aya nu ngabéjaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awéwé tukang tenung sakti, an ngaranna katelah Nini Jahil. Ngadéngé éta béja, Déwi Mutiara kacida pisan bungahna. Tuluy nitah emban kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.
Barang tepung jeung Nini Jahil, pok Déwi Mutiara nyaritakeun niatna, nya éta hayang nyingkirkeun Déwi Srangéngé katut praméswari. "Kumaha sanggup?" cék Déwi Mutiara. "Tai ceuli atuh nu kitu mah," jawab Nini Jahil. "Tapi entong dipaéhan," cenah deuih. "Ulah hariwang," Nini Jahil siga nu yakin.
Maksud manéh Déwi Mutiara téh, praméswari jeung Déwi Srangéngé, rék ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir,atawa disingkurkeun ka leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.
SASAKALA / LEGENDA
SASAKALA SITU BAGENDIT
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, "Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna."
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, "Caah! Caah!" cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.